Gangsa

(dimuat na rubrik “Kalam” Pikiran Rakyat, 25 September 2017 )

Gangsa téh asalna tina basa Sanskerta kamsya, hartina logam parunggu (campuran tambaga jeung timah bodas). Cék Coolsma (1913) mah kecap gangsa téh “een soort brons of klokken-metaal, klokkensptys émen maakt er bekkens van; vandaarook [bekken (om op te slaan)] (sarupa locéng logam parunggu, mangrupa locéng nu salasahijina wangun simbal, diteundeunna dina ancak). Kitu deui Jonathan Rigg (1862) jeung Hardjadibrata (2003) iwal ti nuduhkeun bahan logam parunggu téh gangsa gé dipaké pikeun nyebutkeun waditra goong.

Dina naskah Sunda kuna gangsa téh sababaraha kali disebutkeun, boh minangka bahan logam boh pikeun nuduhkeun waditra. Upamana baé dina Sanghyang Sasana Maha Guru disebutkeun “kadyangganing gangsa lawan malam, tambaga lawan timah.” Dina éta katerangan tétéla pisan gangsa téh disebutkeun bahanna tina tambaga jeung timah. Ceuk ahli nyieun gamelan mah komposisi bahanna téh ilaharna sapuluh bagian tambaga jeung tilu bagian timah.

Istilah gangsa dina karawitan Sunda kiwari geus langka dipaké. Nya kadéséh ku istilah gamelan. Najan kitu, istilah gangsa pikeun nuduhkeun gamelan téh dipikawanoh kénéh ku sawatara seniman Sunda nu kahot mah. Malah dina karawitan Bali mah gamelan sapuratina téh nepi ka kiwari disebut gangsa kénéh.

Upama gangsa téh nuduhkeun waditra gamelan sapuratina, nya tangtu aya waditra hiji-hijina. Dina sawatara naskah Sunda buhun disebutkan waditra nu dijieunna tina gangsa atawa bagian tina gamelan téa, di antarana gangsa rari/lari (simbal), goong, canang (bendé), céngcéng (sapasang simbal leutik sok dipaké kecrék), labung (bonang/ketuk?) jeung labung barung (bonang/ketuk barung?).

Dina Sanghyang Tatwa Ajnyana, kagambarkeun runtuyan cara nabeuhna. Kieu cenah gé, “brenang ga(ng)sa ditabeuh pa(n)deuri, ga(ng)sa tuluy digénggangkeun, ki(ng)kila mangkat ti kadaton nu wisésa, goong naréma sorana gangsa, goong dipipanepuh labung barung, jeung nabeuh babaanan babatakan.” Dina bagian séjénna disebutkeun, “ti pandeuri na pangwereg gangsa rari, ditabeuh deungeun goong, dipipanepuh labung.”

Adegan nu digambarkeun dina éta kalimah téh kira-kira kieu: gangsa ditabeuh di satukangeun rombongan bari digotong, minangka tanda pikeun ngieangkeun pangagung ti karaton. Sagala babawaan sarupaning goong, labung, labung barung, gangsa rari ditabeuh patémbalan. Kiwari pintonan karawitan saperti kitu téh kapanggih kénéh dina helaran seni sisingaan atawa kuda rénggong. Najan kontéks situasina geus robah.

Sesebutan pikeun hiji sét waditra nu dijieun tina gangsa dina Sanghyang Tatwa Ajnyana nyaéta “gangsa tunggal sarampasan”. Nya sabanding jeung gamelan sapuratina téa kiwari mah. Dina éta naskah kénéh disebutkeun visualisasina kalawan lengkep. Unggal waditra digambarkeun hurung-hérang lir ditarétés ku rupa-rupa logam jeung batu mulya. Demi gunana éta gangsa téh pikeun ngawereg, cenah. Ari nurutkeun tarjamahan Séwaka Darma mah kecap wereg téh hartina “ubar”. Payus mun dianalogikeun pikeun “pangbeberah”.

Kieu salengkepna mah, “tatabeuhan pahi ageus kasangkepan, (ra)ga sarira hérang h(é)nang, asra na o(ma)s mirah, goong ku hérang h(é)nang, asra na ta(m)baga sukla, aduan deung omas pirak, dipapon galuga haretal, asra haremas siang, tu(m)pak na carénang hérang heuleut-heuleutna, tatabeuhan pakeun ngawereg, (na) sangkuan lita goong, gangsa tu(ng)gal sara(m)pasan…”

Kumaha ari sorana? cék naskah Sanghyang Tatwa Ajnyana mah kieu, “sada gangsa sampéongan”. Demi dina Séwaka Darma disebutkeun, “sada gangsa tumpang kembang”. Mungkin baé kembang (sekar) téh maksudna kawih. Hartina gangsa ti baheulana geus dipaké pikeun mirig kawih. (ILHAM NURWANSAH, panalungtik naskah Sunda kuna, nganjrek di Bandung)**

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *