Juli 4, 2020

Carék Paranusa

(Dimuat dina rubrik “Kalam”, Pikiran Rakyat 24 Juli 2017. Unduh kliping)

Carék paranusa téh ku Saléh Dasasmita spk. (1987) mah dihartikeun minangka “basa nagara-nagara séjén”. Ieu istilah kapanggih dina naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian (SSKK). Di dinya antarana disebutkeun kieu: “Lamun dék nyaho di carék panusa ma: carék Cina, Keling, Parasi, Mesir, Samudra, Banggala, Makasar, Pahang, … Sakampung, Cempa, Baluk, Jawa; sing sawatek paranusa ma sang jurubasa darmamurcaya tanya.”

Ari kabéh nu disebutkeunana mah aya 56 basa (carék). Upama hayang nyaho éta sakabéh basa téh, kudu ditanyakeun ka ahli basa nu disebut jurubasa darmamurcaya. Ieu salah sahiji hal nu nandakeun yén hubungan internasional geus lumangsung di tatar Sunda ti jaman baheula. Sahenteuna, geus aya ti saméméh ieu naskah nu ditulis kira-kira abad ka-15.

Ngawasa carék séjén téh jadi kebutuhan pikeun barter atawa dagang, diplomasi kanagaraan, atawa sarana kaagamaan. Dina widang sastra keagamaan, aya tilu basa anu dominan dipaké dina mangsa Sunda buhun téh, nyaéta basa Sanskerta, Sunda buhun, jeung Jawa buhun.

Basa Sanskerta dipaké pikeun ngawuwuhan kandaga kecap jeung sloka anu patali jeung kebudayaan sarta ajaran agama Hindu-Buddha. Aya anu wangunna angger, tapi réa ogé anu “dilokalisasi” luyu jeung éjahan basa Sunda buhun. Iwal ti basa Sunda buhun, basa Jawa buhun gé dipaké dina naskah, najan ilahar pisan dipaselupkeun dina kalimah.

Naskah-naskah Sunda buhun teu ditulis dina bawa Sunda buhun wungkul, tapi aya ogé nu ditulis maké basa Jawa buhun (contona Sang Hyang Hayu, Bima Swarga, Serat Déwa Buda). Malah mah aya ogé naskah Sanghyang Sasana Maha Guru nu ditulis ku basa Sunda buhun ti bagian miiti nepi ka bagian tengah téksna, tapi dituluykeun make basa Jawa buhun ka tungtungnakeun.

Dipakéna basa Jawa buhun dina naskah-naskah Sunda téh lantaran para pandita baheula remen lalampahan ka luar wewengkon Sunda. Tujuanana nya pikeun nyuprih élmu keagamaan. Cara lalakon “Ameng Layaran” dina naskah Bujangga Manik. Cénah “sadatang ka tungtung Sunda, meuntasing di Cipamali, datang ka alas Jawa.” Di Jawa kacaturkeun réa patempatan nu dijugjugna. Di antara nu dijugjug téh sababaraha patirtaan (pamandian), patapaan, jeung karesian. Sanggeus mulang ka tatar Sunda, “Ameng Layaran” kacaturkeun bisa nyarita basa Jawa (buhun).

“Ameng Layaran” nyebutkeun yén sanggeus manéhna diajar élmu agama leuwih ti sataun di Rabut Palah, salah sahiji kabuyutan karajaan Majapait, tuluy bisa nyarita basa Jawa jueng bisa narjamahkeun )kana basa Sunda buhun). Cenah gé “Aing bisa carék Jawa, bisa aing ngaro basa”. Tina éta nu kaunggel téh hartina “Ameng Layaran” (Bujangga Manik) bisa ngawasa basa Jawa jeung basa Sunda minangka basa indungna.

Nyarita basa Jawa téh diangga hiji kaunggulan, sabab némbongkeun kaweruh kana eusi pustaka jeung hukum-hukum agama. Nyatana kagambarkeun dina watek Ameng Layaran. Keur mah eukeur dedeganana gagah jeung kasep tuluy bisa nyarita dina basa Jawa deuih. Cenah gé “teher bisa carék Jawa, wruh dina eusi tangtu, lapat di tata pustaka, wruh di darma pitutur, bisa sanghiang darma.”

Watek nu kitu téh luyu jeung ajaran darma pitutur dina SSKK. Cénah upama urang lalampahan ka hiji tempat tuluy balik deui tanpa kungsi diajar basana, éra parada karasana. Kieu unggelna “Saur sang Darma Pitutur mujaraken sabda sang rumuhun. Aya deui babandingna. Kitu upama urang leumpang ka Jawa, hamo nurut carékna deungeun carana, mangu rasa urang. Anggeus ma urang pulang deui ka Sunda hanteu bisa carék Jawa, asa hanteu datang nyaba. Poos tukuna beunang tandang ja hanteu bisa nurut carékna”.

Cindekna, tina unggal lalampahan téh kudu bisa meunang luang, atawa paling henteu bisa nyarita dina basa patempatan nu dijugjug. Ku ngarti basana, bisa jadi jalan pikeun mikaharti amanahnya. Upama teu kitu, urang moal meunang nanaon tina éta lalampahan téh. (ILHAM NURWANSAH, Panalungtik Naskah Sunda buhun, nganjrek di Bandung)***

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *