Carék Paranusa

Carék paranusa téh ku Saléh Dasasmita spk. (1987) mah dihartikeun minangka “basa nagara-nagara séjén”. Ieu istilah kapanggih dina naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian (SSKK). Di dinya antarana disebutkeun kieu: “Lamun dék nyaho di carék panusa ma: carék Cina, Keling, Parasi, Mesir, Samudra, Banggala, Makasar, Pahang, … Sakampung, Cempa, Baluk, Jawa; sing sawatek paranusa ma sang...

“Aing” dina Basa Sunda Kuna

Ku Ilham Nurwansah (dimuat dina Manglé édisi 2641) Basa Sunda kuna téh sanajan geus teu dipaké, tapi tapakna masih kénéh nyampak dina basa Sunda kiwari. Umumna kapanggih dina basa dialék atawa basa wewengkon, cara dina dialék Banten (Baduy), Priangan, jeung dialék Cirebon. Sakumaha anu disebutkeun ku J. Noorduyn jeung A. Teuw (Tiga Pesona Sunda Kuna,...

Kawih Katanian

dimuat dina Pikiran Rakyat rubrik “Kalam”, 22 Agustus 2016 Mitologi paré horéng geus heubeul ayana di urang. Keun nu holna tina tradisi lisan, ieu waé tina tradisi tulisan méh teu kawadahan. Nu amtak ahéng mah din anaskah Sunda kuna gé kapanggih. Geura aya naskah anu keur dihanca bari asalna tina koléksi kabuyutan Ciburuy. (CB.125.1.24). Téksna...

Rarangkén Kecap Basa Sunda Buhun

ku Ilham Nurwansah (dimuat dina Pasundan Nomor 4, Desember 2015) RARANGKÉN kecap dina basa Sunda buhun téh can réa ditalungtik kalawan gemet. Ieu widang téh penting digarap pikeun mikanyaho kamekaran basa Sunda ti mangsa ka mangsa. Sanajan can réa, tapi sababaraha panalungtikan nu kungsi dilakukeun pikeun widang ieu kawilang penting minangka panaratas. Taun 1990  Fatimah...